Kamis, 20 November 2008

Iraha benerna Nagara nu ngaran Indonesia teh euy??

Geus 63 taun Nagara nu ngaran Indonesia teh merdeka, kitu ceuk panyangka kalolobaan rahayat Indonesia. naha bener eta teh? ceuk jelema awam mah mereun heeu geus sakitu lilana eta oge lamun diartikeu merdeka teh bebas tina penjajahan fisik. da emang enya geus 63 taun penjajah geus indit ti ieu nagara. mun maca sejarah mereun kabayang kumaha pangorbanan luluhur urang dina ngarebut kamerdekaan sagala ge di bikeun keur boro boro ning harta dalah nyawa ge dibikeun asal nagara bebas tina penjajahan sakumaha eusi salah sahiji syair lagu perjuangan "Berjuang keu lemah cai lali ragi tur tega pati, taya basa menta pamulang tarima iklas rido keur korban merdeka" tah ieu syair teh gambaran luluhur urang baheula para pahlawan anu berjuang ngorbankeun sagala nu dipibanda demi keur kamerdekaan.

Tah ayeuna Indonesia teh geus 63 taun merdeka naha bener urang salaku bangsa geus merdeka? naha penjajahan teh ngan ukur penjajahan fisik jeung muliter hungkul kitu? naha sacara politik jeung ekonomi jeung pendidikan urang geus merdeka?. lamun dititenan jeung sacara jujur di tarima ku pamikiran aju jernih geuning urang teh can sapinuhna merdeka. Dina pulitik contona kumaha pamarentah urang ti saprak merdeka naha geus ngajalankeun sistem politik anu mandiri hartina boga tujuan politik sorangan keur ngaronjatkeun harkat jeung darajat bangsa? naha sistem politik anu dianut ku urang teh geus bener sapagodos jeung kahayang mayoritas rahayat? atawa sistem politik anu di agem jeung di ronjatkeun teh ngan saukur pipilueun kana sistem politik penjajah? anu akibatna bangsa urang ukur di dikte ku penjajah, sagala kebijakan kudu sajalan jeung kabijakan bangsa dengeun dina sagala urusan balarea nepikeun ka kajadian ampir dina sagala produk undang-undang nu cenah dijieun ku DPR nu dipilih ku Rakyat teh kanyahoan ukur nyumponan kahayang bangsa dengeun ti kulon (baca:barat) anu baheula salila ratusan taun geus ngajajah bangsa urang. Undang-undang pe ndidikan, Kelistrikan, Energi, SDA jrrd eusinamah ukur nyumponan nu baroga modal gede. malah aya beja lamun undang-undang nu disah keun ku DPR eusi na mah mangrupa pesenan ti para kapitalis asing atawa kapitalis bangsa urang keneh jeung nagara-nagara kapitalis penjajah saperti AS, Ingris jeung nu sejena. naha nu kieu nu ngarana merdeka? naha lamun para pejuang nu geus ngorbankeun sagalana ditanya naha kamerdekaan saperti kieu anu jadi cita-cita perjuangan teh?

Teu bisa dipungkir yen kamerdekaan Indonesia teh nyaeta hasil tina perjuangan jeung pangorbanan Umat Islam kusabab mayoritas rakyat Indonesia teh Umat Islam. jung nyata deuih anu pang sumangetna ngusir penjajah teh ngan Umat Islam kusabab ari umat lain mah ku penjajah kalah dijadikeun balad keur ngalawan Umat Islam. diantara tokoh tokoh Umat Islam anu jadi panutan dina perjuangan teh nyaeta KH. Hasyim Asyari akina Gus Dur anu boga cita cita nanjeurkeun Syariat Islam jeung ngajadikeun Sistem Islam anu dipake keur ngurus sagala urusan Rakyat. ngan hanjakal cita-cita anjeuna beuki lila beuki eweuh tapakna kusabab geus di pengkolkeun ku anak incu jeung penerus na anu pamikiran nana geus diracunan ku pamikiran asing ti kulon (baca:barat). tokoh Islam sejenna anu jadi panutan teh nyaeta KH. Ahmad Dahlan anu boga cita-cita sarua jeung KH. Hasyim Asyari malah mah anjeuna pernah jadi utusan ti Nusantara dina konfrensi Khilafah teu lila saenggeus Khilafah panungtung di turki di runtuhkeun ku Mustafa Kemal Ataturk agen Ingris turunan yahudi. jeung loba deui tokoh-tokoh Islam sejena saperti KH. Zaenal Mustofa ti Tasik, Kartosuwiryo, anu akhirna ngadirikeun DI/TII kusabab ngarasa dihianatan ku Sukarno nepikeun ka ahirna mah jadi buronan pamarentah terus mundur ka gunung difitnah jadi goromolan nepi ka ahirna mah katewak jeung dieksekusi mati ku rezim sukarno.

Sok sanajan kamerdekaan teh hasil tina jerih payah Umat Islam, tapi Umat Islam saeutik oge teu dibere hak jeung kasempetan keur ngajalankeun ajaran Islam anu sabenerna, Umat Islam ukur dibere kasempetan sabagian leutik hungkul tina ajarannana saukur ajaran-ajaran ritual hungkul, dina perpolitikan, ekonomi, pendidikan sama sakali Umat Islam teu dibere kasempetan make ajaran Islam anu sampurna. ieu teh mangrupakeun panghinaan jeung hianat kabina-bina utamanamah hianat Ka Alloh jeung Kangjeng Rosul Muhammad SAW. jeung para pejuan Islam dina ngarebut kamerdekaan. Jajauheun make aturan Islam, ngareret oge embung karupaan teh malahmah saenggeus merdeka aturan anu dipake keur ngatur urusan rakyat teh kalah make aturan warisan penjajah anu geus puguh dipake alat ngajajah salila ratusan taun. geus puguh aturan penjajah teh ukur nguntungkeun penjajah kalah dijadikeun pedoman keur ngatur urusan bangsa anu kakara merdeka nya ahirna mah leupas tina jajahan bangsa dengeun kalah dijajah deui ku bangsa sorangan.

Ayeuna geus bukti, rusak jeung cacat na sagala aturan jeung produk hukum jieunan manusa dimana Indonesia oge ti saprak merdeka pipilueun make. Sistem Kapitalisme ayeuna ker sakarat nungguan ajal lamun diibaratkeun jelema mah ieu Sistem kapitalisme teh keur gering ripuh ukur kari nungguan maot. aya ubarna sabenerna mah tapi nu gering moal daekeun make ieu ubar ku sabab ubarna bakal ngarubah tabiat sistem Kapitalisme. ubarna teu aya deui ku aturan Islam dina sagala bidang, bidang ekonomi, politik, pendidikan, kepemilikan jrrd. tapi anehna sok sanajan geus bukti sistem kapitalisme teh ruksak jeung moal mawa kana kabagjaan tapi mawa kana jurang ancur lebur tapi para pamimpin nagara-nagara Muslim kaasup Indonesia masih keneh boga harepan gede kana ieu sistem, aneh.

cik yeuh Indonesia teh rek dibawa kamana sabenerna da kuring mah salaku anu ngagem Agama Islam teu satuju lamun Indonesia anu lolobana pendudukna Umat Islam malah mah nagara anu Penduduk muslim na pang lobana sadunya teh terus terusan dibohongan jeung ukur dijadikeun alat ku para politikus gadungan keur ngahontal nafsu kakawasaan hungkul bari jeung api lain saenggeus maranehna diuk dina korsi empuk kakawasaan.